Cikarak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Anu botak katinggang batu
Karunya tarangna dekok
Jalan-jalan kasoreang
Mang oleh naek kakapalan
Mun kahayang can kasorang
Moal eleh diakalan
Aya listrik dina bilik
Caangna ka pabrik Cina
Aya istri jangkung alit
Geulisna kabina-bina

0 Post a Comment